1. Hakékat
Basa Sunda
Basa
Sunda mangrupa salasahiji basa daérah di Indonésia. Tina 13 basa daérah nu
dianggap masih kénéh hirup tur dipaké ku leuwih ti sajuta panyatur, basa Sunda
kaasup basa panglobana kadua sabada basa Jawa.
Salaku basa daérah, basa Sunda hakékatna miboga kalungguhan minangka
jati diri bangsa nu leubeut ku ajén-inajén palasipah hirup jeung ciri sélér
bangsa, di sagédéngeun pakakas komunikasi masarakat jeung lingkunganana katut
alam (lemah cai), sarta pakakas komunikasi jeung Nu Maha Kawasa.
Dina
kalungguhanana jadi basa daérah, nurutkeun kacindekan Seminar Politik Bahasa
Nasional 1975 di Jakarta, basa Sunda miboga sababaraha fungsi (kalungguhan) di
masarakatna, di antarana:
1) lambang
kareueus daérah,
2) lambang
jatidiri daérah,
3) pakakas
atawa alat gaul di kulawarga jeung masarakat daérah,
4) pangdeudeul
basa nasional,
5) basa
panganteur di SD kelas-kelas handap di Jawa Barat, jeung
6) pakakas
pikeun mekarkeun jeung ngadeudeul budaya Sunda.
Basa
téh mibanda fungsi pikeun nyumponan sabagian kaperluan manusa dina ngalakukeun
patalimarga. Salaku wangun basa, basa Sunda ngajanggelék minangka sistem
lambang sora nu arbitrér tur dipaké ku masarakat pikeun gawé bareng,
komunikasi, jeung patalimarga (Kridalaksana, 2007:3). Éta sistem basa téh
ngawengku komponén-komponén nu miboga aturan nu tangtu sarta unggal léngkahna
miboga fungsi dumasar kaédah nu silih lengkepan sangkan masarakat basa bisa
komunikasi.
Basa
Sunda téh mibanda sipat salaku (1)
hiji sistem, (2) arbitrér, (3) simbolis), (4) ragem (konvénsional), (5) sitem
sora (vokal), (6) unik, (7) mijalma (8) rancagé, (9) komunikatif, (10)
midunya, (11) ngabudaya, (12) rinéka, jeung (13) subyéktif.
2. Basa Sunda jeung Masarakatna
Basa
mangrupa alat komunikasi nu kacida pentingna dina hirup kumbuh manusa. Ku
lantaran kalungguhan basa anu kacida pentingna, ngalantarankeun basa teu pernah
leupas tina kahirupan manusa jeung salawasna aya dina unggal kagiatan jeung
kahirupanana.
Asupna
jalma-jalma nu asalna ti saluareun Jawa Barat bisa mangaruhan kabudayaan
kayaning segi basa. Jalma-jalma nu asalna ti saluareun Jawa Barat loba
kapangaruhan budaya daérah utamana basana. Sacara sadar atawa henteu sadar
maranéhna ngadarangu jeung boga kahayang bisa nyarita basa nu aya di
sabudeureunana. Nepi ka basa nu dimeunangkeun ku jalma-jalma nu asalna ti saluareun
Jawa Barat mangrupa hasil budaya.
Aya
kacindekan basa mangrupa bagian tina kabudayaan. Kedalna omongan atawa basa
Sunda téh kapangaruhan ku tempat, waktu, jeung suasana makéna. Dimana dipakéna,
iraha makéna, jeung kumaha waktu makéna.
Ragam
basa nyaéta variasi basa nurutkeun pamakéna nu béda-béda nurutkeun topik nu
dicaritakeun, hubungan caritaan, lawan panyatur, jeung jalma nu dicaritakeun
sarta nurutkeun médium caritaanana. Saluyu jeung pamadegan Sudaryat (2007:3)
yén ari ragam basa téh bisa disawang tina jihat nu makéna nu nyoko kana
wewengkon, tahap atikan, jeung sikep panyaturna: biasa tina jihat makéna anu
nyoko kana jejer omongan, sarana, jeung sipat pasosokna.
Ragam
basa nurutkeun warna makéna basa bisa disawang tina jihat jejer omongan, medium
atawa sarana, jeung sipat pasosokna. Disawang tina jejer omongan aya ragam basa
urang réa (balaréa) anu ilahar dipaké sapopoé jeung ragam basa urang réa nu dipaké husus dina widang
jurnalistik, paélmuan, sastra, jeung agama. Disawang tina médium makéna aya
ragam basa lisan nu dipaké dina paguneman atawa biantara, aya ragam basa tulis
nu dipaké dina surat, koran, majalah jeung buku (Sudaryat, 2007).
Disawang
tina jihat pasosokna, ragam basa téh aya ragam basa nyunda jeung ragam basa teu
nyunda. Ieu téh henteu ngandung harti masarakat Sunda ulah narima pangaruh tina
basa lian. Nyerep unsur tina basa lisan dimeunangkeun pisan, pangpangna dina
hal pakeman-pakeman basa anyar dina basa Indonesia anu beuki loba tur popiliér
sarta tina basa Sunda tacan aya sawandana (Sudaryat, 2007).
a. Ragam Basa dumasar kana
Sawangan Panyatur
Dumasar
kana sawangan panyatur ragam basa dipangaruhan ku ayana pangaruh daérah,
pangaruh atikan jeung pangaruh sikep panyatur. Disawang tina pangaruh atikan,
ragam basa bisa dibagi jadi tilu rupa nyaéta (1) basa Sunda sapopoé, (2) basa
Sunda paélmuan, jeung (3) basa Sunda kasastraan.
Disawang
tina pangaruh sikep panyaturna, nu ngagunakeun basa Sunda dibagi dua nyaéta (1)
nurutkeun umur, jeung (2) nurutkeun séks.
Kahiji,
basa Sunda nurutkeun umur panyaturna ngawengku tilu rupa kayaning (1) basa
budak nyaéta basa anu husus diparaké ku barudak, contona: éé, mamam, eueut,
bobo, papa, jst, (2) basa rumaja nyaéta basa anu husus diparaké ku barudak
rumaja, biasana boga wanda
husus anu
disebut basa prokém, contona: méjéng, benci (bener-bener cinta), peramis (peranakan Ciamis), jst, (3) basa kolot
nyaéta basa anu husus diparaké ku kolot, biasana raket patalina jeung piwuruk,
malah ékonomi rumah tangga, kamajuan generasi ngora, jst.
Kadua,
basa Sunda nurutkeun séks (jenis kelamin) ngawengku tilu rupa kayaning (1) basa
awéwé nyaéta basa anu husus sok diparaké ku awéwé, biasana tumali jeung
kageulisan, lingkungan dapur, jst, (2) basa lalaki nyaéta basa anu husus anu sok diparaké ku lalaki, biasana
tumali jeung kabédasan, nyumponan pangabutuh kulawarga, masalah gawé beurat,
jst, (3) basa banci nyaéta basa anu husus sok diparaké ku banci, biasana
dicirian ku lentong nu husus.
b. Ragam Basa dumasar kana
Tatakrama Basa Sunda
Wangun
tatakrama basa nyaéta sistem dipakéna ragam basa (lemes-wajar-kasar) anu raket patalina
jeung kalungguhan, kakawasaan, katut dalit henteuna antara panyatur, paregep,
jeung nu dicaritakeun.
1)
Basa Lemes (Hormat)
2) Basa
Wajar (Loma)
3) Basa
Kasar (Cohag)
c. Ragam Basa dumasar kana
Warna Makéna
Dumasar
kana warna makéna, ragam basa dibédakeun jadi opat rupa, nyaéta (1) basa Sunda
nurutkeun jejer omongan, (2) basa Sunda nurutkeun sarana, (3) basa Sunda
nurutkeun interférénsi, jeung (4) basa Sunda nurutkeun suasana.
Kahiji, nurutkeun jejer omongan basa
Sunda téh dipangaruhan pisan jembarna patali marga, atikan, profési, kalangenan
tur pangalaman panyaturna. Widang-widang sarupa kitu téh kayaning: agama,
pulitik, élmu pangaweruh, téhnologi, pacabakan, seni, jst.
Kadua, nurutkeun sarana anu dipaké
ku panyaturna, basa Sunda aya dua rupa nyaéta ragam basa lisan jeung ragam basa
tulis.
Katilu
nurutkeun interférénsina nyaéta makéna basa anu pacampur tur silihpangaruhan
jeung basa lianna ku hiji jalma dina widang adegan basa, gaya basa, jeung
kontéks makéna.
Kaopat
nurutkeun suasana dibédakeun ragam basa resmi jeung ragam basateu resmi. Ragam
basa resmi nyaéta basa anu digunakeun dina kaayaan formal, saperti dina urusan
susuratan, dina kaayaan ngajar, rapat, dina kaayaan nyarita jeung jalma nu teu
wawuh atawa kalungguhanana aya dina saluhureunnana. Ari ragam basa teu resmi
nyaéta basa anu digunakeun dina kaayaan teu formal, saperti dina nyarita
sapopoé,
boh di lingkungan kulawarga boh di lingkungan masarakatna.
3. Tarékah Miara Basa Sunda
Basa
Sunda ngadeg téh minangka gerbangna budaya Sunda. Basa jeung budaya teu bisa
dipisahkeun, lantaran basa mangrupa salasahiji unsur anu ngawangun budaya hiji
bangsa. Wajar upama aya kekecapan ‘leungit basana leungit budayana, leungit
budayana leungit bangsana’. Ku kituna, Sangkan basa jeung budaya Sunda
henteu musnah, perlu dipiara jeung diriksa.
Dina
UUD 1945 Bab XIII Pasal 32, Ayat 2, tétéla pisan yén nagara ngahormat tur miara
basa daérah salaku kabeungharan budaya bangsa. Dina Bab XVna, Penjelasan Pasal
36, nétélakeun yén di wewengkon-wewengkon anu mibanda basa sorangan, anu
dipiara ku rayatna kalawan hadé-hadé (upamana basa Jawa, Sunda, Madura, jeung
sajabana), éta basa-basa téh bakal diajénan jeung dipiara ogé ku nagara. Kitu
ogé dina “Sumpah Pemuda” nu unina ngajungjung lungguh basa persatuan
basa Indonesia némbongkeun ayana kasang tukang basa daérah. Dumasar
éta hal, bisa dicindekkeun yén di sagédéngeun basa nasional (basa Indonesia)
minangka basa persatuan masarakat Indonesia sa-nusantara, ogé aya basa daérah
anu wajib dipiara sakumaha ditetepkeun dina UUD 1945 tur Sumpah Pemuda di
luhur.
Lamun
basa Sunda dipiara ku para panyaturna nyaéta ku urang Sunda anu jadi rahayat
Jawa Barat kalawan hadé, tinangtu basa Sunda téh bakal diajénan tur dipiara ogé
ku nagara. Tapi sabalikna, lamun urang Sunda ngantep kana basana, tinangtu ku
nagara ogé bakal diantep moal dipiroséa. Jadi, prakarsa urang Sunda daraék
miara basana téh, mangrupa prasarat pikeun ayana pangajén jeung pangriksa ti
pamaréntah atawa ti nagara.
Ari
nu jadi pupuhu rahayat jeung papayung masarakat Jawa Barat nu kudu soson-soson
miara basa Sunda téh nyaéta Gubernur
jeung Ketua Dewan Perwakilan Rakyat daérah Jawa Barat. Kawijakan Gubernur
ngaliwatan kasaluyuan DPRD Propinsi Jawa Barat netepkeun kawijakan kumaha
kuduna ari miara basa Sunda. Saperti jalna Peraturan Daérah (Perda) Propinsi
Jawa Barat Nomor 5 Tahun 2003, tentang Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara
Daérah.
Nu
dipimaksud ku kecap “pemeliharaan” basa dina éta Peraturan Daérah (Perda) Nomor
5 Tahun 2003 nyaéta “upaya perlindungan, pengembangan, pemberdayaan, dan
pemanfaatan” éta basa (Sunda).
Anu jadi tujuan miara basa ku éta Perda
nyaéta:
a.
maheutkeun adegan jeung
hubungan, makéna basa Sunda nepi ka jadi faktor pangrojong tumuwuhna jati diri
jeung kareueus urang Sunda;
b.
muguhkeun kalungguhan jeung
pancén basa Sunda;
c.
nangtayungan, mekarkeun,
ngabelejagkeun jeung ngamangpaatkeun basa Sunda nu dipiharep bakal bisa
ngarojong budaya nasional;
d.
ngaronjatkeun kualitas
makéna poténsi basa Sunda (titénan Bab II, Pasal 2).
Mungguh nu jadi sasaran éta Perda nyaéta
ngawujudna:
a. kurikulum
pangajaran basa Sunda, boh keur di sakola boh keur di luar sakola;
b. kahirupan
makéna basa Sunda nu leuwih hadé tur leuwih jembar;
c. tingkat
aprésiasi para panyatur basa Sunda kana kaéndahan basana leuwih hadé; jeung
d. tingkat
partisipasi para panyatur basa Sunda dina gerakan miara basa Sunda leuwih puguh
(titénan Bab II Pasal 3).
Éta
wewenang jeung tanggung jawab Gubernur
anu dilimpahkeun ka Kepala Dinas Pendidikan jeung Kepala Dinas Kebudayaan jeung
Pariwisata katut instansi “terkait” séjénna ngawengku kagiatan-kagiatan saperti
ieu di handap:
a.
ngayakeun rupa-rupa latihan,
penataran, seminar, lokakarya, sawala, pasanggiri dina perkara ngagunakeun basa
Sunda nu hadé tur bener, dimimitian ku para birokrat, para pamingpin, para
guru, para dai, ibu-ibu, jeung para tokoh masarakat lianna;
b.
netepkeun basa Sunda jadi
“basa panganteur” atikan,
boh di sakola, luar sakola,
boh di masarakat;
c.
netepkeun basa Sunda jadi
“basa resmi kadua” sajaba ti basa Indonesia dina ngalaksanakeun tugas
Pamaréntah Daérah ti mimiti tingkat provinsi, tingkat kabupaten/kota, tingkat
kacamatan nepi ka tingkat désa/kelurahan;
d.
ngabantu medalna buku-buku
pelajaran, modul atikan boh keur sakola, luar sakola, boh keur masarakat;
e.
ngahirup-huripkeun jeung
ngamangpaatkeun média massa basa Sunda, boh citak boh éléktronik;
f.
ngagunakeun basa Sunda dina
rupa-rupa aspék kahirupan masarakat (agama, ekonomi, pulitik, sosial,
pendidikan, kaséhatan, lingkungan hirup, kabudayaan, pertahanan, jeung
kaamanan) (titénan Bab III, Pasal 5 jeung Bab IV, Pasal 7).
4. Fungsi Basa Sunda
Basa daérah nyaéta alat nu bisa dipaké pikeun némbongkeun
kabeungharan budaya hiji suku bangsa. Umumna basa Sunda miboga opat ragam dialék, nyaéta dialék Bandung
(Sunda Priangan), Bogor, Banten jeung Cirebon. Kasang tukang ayana éta dialék
téh lian ti bawaan budaya asalna, tapi ogé tina sajarah budaya hiji jeung
budaya séjénna. Dialék Bandung atawa Sunda Priangan teu bisa leupas tina
pangaruh budaya Mataram di tatar Sunda.
Kalungguhan
basa Sundanyaéta status rélatif basa Sunda salaku sistem lambang ajén-inajén budaya anu dipatalikeun jeung kamampuh
basa Sunda dumasar kana ajén inajén masarakat Sunda. Basa Sunda disebut basa daérah
jeung basa Indung, lantaran tumuwuh jeung sumebar di lingkungan masarakat Sunda (Jawa Barat) anu
didadasaran ku ajén-inajén
budayana. Ku kituna, ieu
hal téh luyu jeung UUD 45 bab XV penjelasan pasal 36.
Kalungguhan
ayana basa Sunda dirojong kuat ku pamaréntah. Bukti séjén dipiarana basa
Sundanyaéta kaluarna Perda Provinsi Jawa Barat No. 5 Tahun 2003 ngeunaan
Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daérah serta Petunjuk Pelaksanaannya.
Sajaba ti éta, aya
rekomendasi ti UNESCO taun 1999 ngeunaan “ngamumulé jeung mupusti basa-basa
indung di dunya”.
Kalungguhan basa Sunda minangka basa daérah, saperti anu
dicindekkeun ku Seminar Politik Bahasa Nasional 1975 di Jakarta, basa Sunda
miboga pancén atawa fungsi salaku: 1) lambang kareureus daérah; 2) lambang idéntitas
daérah; 3) pakakas gaul di lingkungan kulawarga, jeung masarakat daérah; 4)
basa panganteur di sakola dasar timimiti kelas 1 nepi ka kelas 3; 5) pangrojong
basa nasional; 6) pangrojong jeung pamekar kabudayaan nasional.
Hiji
jalma katingali urang Sunda, lamun manéhna bisa ngomong basa Sunda. Ieu fungsi
basa Sunda salaku lambang idéntitas daérah. Basa Sunda dianggap salaku eunteung tina sikép jeung réngkak polah
urang Sunda.
Basa
Sunda dijadikeun basa panganteur pangajaran di kelas-kelas dasar lantaran ieu
téh salaku basa kahiji anu diperoleh
ku barudak minangka basa Indungna. Dina Pasal 5 ayat 7 Perda No. 5 Tahun 2003
ditétélakeun yén Pamaréntah dina ieu hal nyaéta Dinas Pendidikan (Disdik)
pikeun jadi fasilitas
kalumangsungan basa Sunda salaku basa
panganteur di sakola dasar timimiti kelas 1 nepi ka kelas 3 jeung di Taman Kanak-kanak. Ieu hal téh mangrupa
wujud tina pengaplikasian ajakan UNESCO tadi, dina narékahan
“ngamumulé jeung mupusti basa-basa indung di dunya”.
Fungsi
pangajaran basa jeung sastra Sunda salaku:
Ø sarana
pikeun ngabina sosial budaya régional Jawa Barat
Ø sarana
pikeun ngaronjatkeun pangaweruh, kapariggelan, jeung sikep dina raraga mekarkeun jeung ngamumulé budaya
Ø sarana
pikeun ngaronjatkeun pangaweruh,
kaparigelan, jeung sikep pikeun ngahontal jeung mekarkeun élmu pangaweruh,
téhnologi, jeung seni.
Ø sarana
pikeun ngajadikeun basa Sunda lulugu jeung nyebarkeun makéna basa Sunda pikeun rupa-rupa kaperluan
Ø sarana
mekarkeun nalar
Ø sarana
pikeun maham kana ragem
rinéka budaya daérah(Sunda).
(Kurikulum Muatan Lokal Basa Sunda, 2004)
Garvinjeung
Mthiot dina Sulistyaningtiyas (2008) nétélakeun
yén fungsi basa patalina jeung nasionalisme nyaéta fungsi pemersatu
(unflying) jeung fungsi pemisah (separatist). Fungsi pemersatu
nyoko kana perasaan para anggota hiji nasionalitas yén maranéha dihijikeun atawa aya dina hiji beungkeutan basa. Fungsi
nu kadua leuwih nyoko kana perasaan para anggota nasionalis yén maranéhna béda jeung “terpisah” ti nu
lian pikeun make basa séjén.
Fungsi pemersatu di dieu bisa dipaké pikeun ngahijikeun masarakat Sunda, hususna sangkan boga presépsi nu sarua kana basa Sunda. Nu kadua fungsi
pemisah (separatis), bisa dipaké
pikeun numuwuhkeun rasa
reueus kana basa Sunda nu béda jeung basa daérahséjénna nu boga kaunikan masing-masing.
Basa
téh cicirén bangsa, leungit basana leungit ogé bangsana. Sakumaha anu geus
dipedar tadi, Indonesia téh mangrupa nagara anu multibasa, nu ampir diunggal
wilayahna miboga basa anu béda-béda. Kalungguhan basa daérah geus tangtu
jujutanana dina undang-undang.
5. Tiori jeung Konsép Basa Sunda Lulugu
jeung Wewengkon
a. Tiori
Basa Sunda Lulugu
Basa
lulugu (baku, standar) nyaéta ragam basa atawa dialék anu geus ditetepkeun tur
dijadikeun standar maké na ku masarakat basana. Basa lulugu mangrupa basa gunggungan
(persatuan) di masarakat basa nu mibanda rupa-rupa dialék sarta ditarima dina
situasi resmi kayaning buku ilmiah, biantara, upacara adat, serat-sinerat,
jsté. Sedengkeun basa Sunda lulugu (baku, standar) nyaéta basa Sunda anu geus
ditetepkeun tur dijadikeun standar makéna ku masarakat urang Sunda. Basa lulugu
miboga kamungkinan gedé tumuwuh jeung mekar sacara jembar. Ku kituna, tempat
cicingna basa lulugu aya di puseur kagiatan politik jeung pamaréntahan. Anu dianggap basa Sunda lulugu
téh nyaéta basa Sunda wewengkon Priangan (utamana Bandung).
Basa baku, basa standar, atawa basa lulugu mangrupa basa anu
mibanda sipat vitalitas jeung inteléktualitas. Hiji, basa disebut vitalitas lamun éta basa téh mampuh
tumuwuh jeung mekar kalawan anteb luyu jeung kaidah basana nu relative angger,
tapi henteu kaku lantaran bisa robah pikeun narima pangaruh basa séjén, boh
kandagakecapna boh adeganana. Ku kituna, basa baku kudu hirup bari jeung hurip
atawa kudu stabilitas dinamis sipatna,
anteb tur luwes kaédahna.
Ari sipat nu kadua tina
basa lulugu nyaétainteléktualitas.Maksudna nyaéta
basa lulugu kudu miboga kamampuh ilmiah nu bisa ngébréhkeun prosés mikir anu
ruwed tina rupining kagiatan paélmuan, téknologi, informatika, jeung patali
marga masarakatna. Jaba ti éta, basa lulugu téh mibanda otonomi atawa wewenang
pikeun tumuwuh jeung mekar di wewengkon masarakat nu makéna. Basa lulugu lain hiji-hijina ragam basa, ngan
jadi calecer keur ragam basa séjénna. Basa baku leuwih nyoko kana ngaragemkeun
jeung ngalulugukeun kaédah basa, tapi lain hartina ngakurkeun sakumna ragam
basa (Sudaryat, spk. 2013).
b.
Fungsi Basa Sunda Lulugu
Nurutkeun
Sudaryat, spk. (2013), basa lulugu miboga rupa-rupa pancén atawa
fungsi, nyaéta saperti nu dipedar dina poin-poin di handap ieu.
1) Tali
mimitran
Basa
lulugu miboga pancén pikeun ngaraketken tali mimitran antar panyatur tina
rinéka dialék, pakakas komunikasi panyatur nu hétérogén, boh lisan boh tulisan.
Basa
lulugu jadi ciri kapribadian (idéntitas) panyaturna, baris ngandelan rasa kapribadian
ka-Sundaan
geus ngarojong “ka-Bhineka-Tunggal-Ika-an” budaya tur basa
Indonésia.
2) Pananda
Komara
Basa
lulugu baris mawa komara/wibawa
(prestise) panyaturna. Ku makéna basa lulugu moal jadi ngageuhgeuyan
para panyatur séjénna.
3) Raraga
Acuan
Basa
lulugu jadi raraga acuan, calecer (frame
of reference) nu disaluyukeun ku sakumna masarakat basa geusan ngajén
kalayan bener tur merenah henteuna ragam basa nu dipaké.
c.
Ciri-ciri Basa Lulugu
Sudaryat,
spk. (2013) nétélakeun yén hiji basa téh disebut basa lulugu saupama
bisa nyumponan pasaratan saperti
otonomi, vitalitas, intéléktualitas, jeung historitas. Pedaranana saperti ieu
di handap.
d. Basa Sunda Wewengkon
Basa
Sunda nu ilaharna dipaké dina kahirupan sapopoé
nurutkeun katerangan
para ahli basa mah aya dua rupa, nyaéta basa indung atawa basa lulugu, jeung
basa wewengkon atawa basa dialék. Basa
indung, nyaéta basa anu standar sarta pamakéna leuwih réa. Miéling basa indung
internasional dilaksanakeun tanggal 21 Fébruari.
Basa indung atawa basa lulugu pisan anu
dipaké dina surat kabar, majalah, buku, surat, warta dina radio, katut tulisan
ilmiah séjénna. Sedengkeun basa wewengkon atawa basa dialék mah dipaké ku
masarakat di éta daérah atawa diwewengkon séwang-séwangan.
Perkara
kecap-kecap basa Sunda wewengkon (lokabasa, dialék lokal, dialék regional,
atawa régiolék) kungsi ditalungtik ku Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa,
di antarana
dialék Sumedang (1977), Cianjur (1979), Ciamis (1979), Serang (1980), Bogor
(1981), Cianjur (1982), Subang
(1982) , Tasikmalaya (1983), jeung Purwakarta (1933). Jaba ti éta, aya dialék
lokal nu ditalungtik ku pribadi saperti basa Sunda dialék Cirebon.
Basa
wewengkon basa Sunda anu rupa-rupa, mimiti ti dialék Sunda-Banten nepi ka
Sunda-Jawa Tengahan anu mimiti kacampuran ku basa Jawa. Para ahli basa biasana
ngabédakeun kana genep dialék anu béda-béda.
a)
Dialék Kulon (basa Banten)
b)
Dialék Kaler
c)
Dialék Kidul (Priangan)
d)
Dialék Tengah Timur
e)
Dialék Timur Laut (kaasup
basa Sunda Cirebon)
f)
Dialék Tenggara
Dialék
Kulon dipaké di daérah Banten
jeung Lampung. Dialék Kaler
ngawengku Kota Bogor jeung sawaréh daérah Pantura. Dialék Kidul nyaétadialék Priangan anu
ngawengku Kota Bandung jeung sabudeureunana.
Dialék Tengah Timur nyaéta dialék di daérah Kabupatén Majalengka jeung sawaréh
Kabupaten Indramayu. Dialék Timur Laut nyaéta dialék daérah Kabupatén Brebes
jeung Kabupatén Tegal di Jawa Tengah. Ahirna, dialék Tenggara nyaéta
dialék daérah Kabupatén Ciamis ogé Kabupatén Cilacap jeung Kabupatén Banyumas
di Jawa Tengah.
Upamana waé kadaharan di Bandung disebut ‘oncom’ di Kuningan disebut ‘dagé’. Kitu deui, wadah lauk tina anyaman awi
anu sok disorén ku tukang nguseup, kana ieu barang aya anu nyebut ‘korang’ aya ogé anu nyebut ‘kempis’. Lauk leutik anu di Bandung
disebut ‘lauk
sarebu’,
kaasup anu réa pisan ngaranna. Aya anu nyebut ‘gendot’, aya anu nyebut ‘berenyit’, aya anu nyebut ‘éndol’, ‘impun’, malah aya deui anu nyebut ‘kulinyar’. Conto sejenna saperti basa
lulugu tina basa wewengkon gembal di
daérah Banten nya éta domba.Basa
lulugu tina basa wewengkon endangan di
daérah Tasikmalaya nya éta ucing-ucingan.
Kecap ka mana mangrupa basa
lulugu, sedengkeun ka endi mangrupa
basa wewengkon ti Kuningan
e.Ragam-ragam Dialék
Ragam
basa atawa dialék ditangtukeun ku sababaraha faktor, diantarana faktor waktu,
tempat, sosiobudaya, situasi, jeung médiana (Ayatrohaedi, 1979:13). Dumasar
kana hal éta,
sacara gurat
badag,
dialék dibagi jadi tilu kelompok. Nyaéta (a) dialék 1; (b) dialék 2 ; jeung (c)
dialék sosial.
Dialék 1
Dialék
1, nyaéta dialék anu dibalukarkeun ku kaayaan alam sabudeureun dialék éta
digunakeun. Dialék 1 dihasilkeun ku dua faktor nyaéta waktu jeung tempat.
Contona, basa Sunda nu dipaké di daérah Kuningan, nurutkeun sajarahna éta basa
asli Kuningan sarta nurutkeun tempatna basa éta téh digunakeun di Kuningan
wungkul.
Dialék 2
Dialék
2, atawa dialék régional,
nyaéta basa nu digunakeun di luar daérah nu makéna (Ayatrohaedi, 1979). Contona, basa Sunda nu digunakeun di
daérah Cirebon-Sunda disebut dialék régional 1 sedengkeun basa Sunda nu
digunakeundi daérah Cirebon-Jawa (Cirebon, Indramayu) disebut dialék régional
Dialék sosial
Dialék
sosial atawa sosiolék, nyaéta ragam basa anu
digunakeun ku kelompok anu tangtu, anu ngabédakeun jeung kelompok lianna
(Ayatrohaedi, 1979:15). Anu kaasup kana kelompok ieu nyaéta kelompok umur,
pagawean, kagiatan, jenis kelamin, pendidikan, jste. Contona, basa atawa
istilah-istilah anu digunakeun ku kaum patani.
f.Géografi Dialék
Dubois dina Rohaedi (1983:29) nétélakeun yén géografi
dialéktéhnyaéta : ”cabang dialéktologi yang mempelajari hubungan yang
terdapat di dalam ragam-ragam bahasa, dengan bertumpu pada suatu ruang atau
tempat terwujudnya ragam-ragam tersebut’.
Gambaran
umum ngeunaan dialék saperti nu disabit-sabit di luhur bakal jelas lamun
sakabéh gejala kabasaan dipétakeun. Ku kituna, kalungguhan jeung peran peta basa dina kajian géografi
dialék mangrupa hiji hal anu mutlak dilakukeun.
Kandaga kecap Basa
Sunda Wewengkon
Basa lulugu :
muara
sampeu
jojodog
dalang
|
Basa wewengkon
Cirebon :
muara
kacapeu
telengkok
gambun
|
Basa lulugu :
béak
boléd
dulang
gusur
sabaraha
titajong
|
Basa wewengkon
Ciamis :
amrin
mantang
pané
séréd
sanaon
tipagut
|
Basa lulugu :
leutik
ngaran
labun
parawan
domba
|
Basa wewengkon Banten
:
alus
aran
kabubun
cawéné
gémbal
|
Basa Lulugu
tolombong
leutik
dahar,
balakecrakan
golodog
génjér
ucing-ucingan
maot
kentang
lauk
sarébu/impun
panitik
lasut
|
Basa Wewengkon
Tasikmalaya
belenik
botram/mayor
babancik
géndot
éndangan
hilang
kumeli
kulinyar
olét
salut
|
Basa Lulugu
sabuk,
beubeur
parawan
boboko
leutik
angeun
sendak
capit
oncom
mana
daék,
purun
téko
saku,
pésak
gancangan,
buru-buru
comro
jalan
kabogoh
ngahajakeun
pisan
na
enya
saré
ka
mana
katincak
sampeu
kacida
pisan
bantal
sing
sing
tarik
sing
gedé
hayang
seuri
batu
ucing
rieut
ngeunah,
ngeunaheun
ti
mana
handap,
landeuh
nyeduh,
ninyuh
enyaan
palang
dada
calana
réa,
loba
aki
batu
tuur
genténg
méngkol
|
Basa Wewengkon
Kuningan
bentén
cawéné
ceceting
celem
céplék
dagé
endi
émpan
éskan
éndong
gégéh
gémét;
dagé saemét
gili
héhéom
hahajaan
ujur
ilok
pineuh
atawa naré
kendi,
tina ka endi
kapiak
kacapeu
kagila-gila
keding
karang
hulu
ka
katarik
kagedé
kagugu
mungkal
méong
menit
mecak
tindi,
tina endi
téoh
némbok
temenan
senténg
serewal
jenuk
bapa
kolot
mungkal
dengkul
gending
néngkol
|
Tidak ada komentar:
Posting Komentar